Hawa
tiis, rada baseuh sesa hujan nu kakara raat. Leumpang nyorangan ditutur
kalangkang, ngalanglayung. Awak nu jibrug rada garing kaanginan, “Naa... ari
urang naha bet bisa bogoh ka lalakinepi ka kitu?” kuring rada ngagerendeng,
lain na hate deui ieu mah geus ngedal.
Ras
inget mangsa harita urang kakara panggih, teu patanya pisan da sarua nganggapna
masing jarudes. Nu ngobrol teh ngan Kang Hadi jeung manehna bari ngadahar hayam
krispi di hareupeun kampus, kuring mah anteng ngagugulung tulang teu pati ngareungeu
naon nu diarobrolkeun da teu pati ngarti. Ngan poe kaduana kakara urang
patanya, heureuy nepi ka silih elegna. Cumarita pangalaman sewang-sewangan,
harita mah kuring keur galau lamun basa gaulna mah, nya bisa disebut can bisa
move on. Kakara pegat jeung kabogoh. Beuki lila beuki deukeut, beuki apal watek
masing-masing, beuki jero oge carita urang duaan teh geus leuwih interen.
“Neng,
aa mah can pernah da caket sareng istri dugi ka sacaket ieu. Sareng kabogoh aa
nyalira oge da tara nepi ka blak-blakan kieu. Caket sareng Eneng teh asa aya
warna baru dina hidup aa, heuheuy..” manehna rada centil. “Ah.. sok angger aa
mah, teu kenging kitu bisi aya cakcak bodas”, kuring nembal.
Tidiiiiid....
sora klakson mobil ngabuyarkeun lamunan kuring, ngorejat, tuluy nyisi.
Ngarandeg renghap ranjung, sakeudeung deui nepi ka imah. Kuring rada
ngagancangan leumpangna sieun bisi kaburu peuting komo keur usum culik ayeuna
mah, ari pangpangna mah kuring teh lapar da ti beurang can dahar komo tadi
ceurik wae jadi energi teh kaluar loba. Barang gok nepi ka panto hareup, aya
Ema mukakeun panto, sigana mah nungguan kuring mulang jeung sok noong tina
jandela mun kaciri kuring datang ribut muka panto. Harita Ema ngan melong semu
bingung tuluy ngajak asup buru-buru sabab nempo awak nu ngadegdeg katiisan.
Kuring ganti baju, Ema nyampeurkeun ka kamar mawa teh manis panas, teu wani
nanya ieuh apaleun can waktuna nanya. Ngan balik deui weh Ema ka tengah imah
nongton Haji Muhidin.
Ngagoler,
ngalempengkeun cangkeng. Ret kana bupet digigireun risbang. Aya poto kuring
jeung manehna.
“Aa
sok poto box tara? Ka Jonas yu a, uihna cuwang makan di Giggle Box. Kan asiik,
hee..” ajak kuring barang keur jalan-jalan kukurilingan di Kota.
“Aa
mah can pernah neng ah bisi ngerakeun, hahaa.. kumaha atuh bisi ngke
ngerakeun?” ceuk Kang Abdul.
“Aeh,
nya keun bae atuh da aya eneng ieuh. Meh apal kapanan nya tong kuuleun. Ulin
jeung neng mah kudu sagala apal, naon nu can pernah kudu dicobaan meh teu eleh
ku batur.” Kuring nembal.
Nepi
di Jonas Banda kuring jeung Kang Abdul teh nya poto box biasa, bener weh
manehna mah teu ngartieun kudu kumaha, dipotona oge kaku kadon mati gaya.
Seuseurian lobana mah kuring oge cape ku nyeungseurikeun. Beres tah popotoan
kuring jeung manehna nuluy ka belah kidul aya tempat dahar jeung nongkrong nu
genaheun. Lila cicing didinya teh aya tilu jamna da bari cumarita heureuy
gogonjakan. Geus rada poek geuning kaluar teh, layung geus tembong.
“Neng
bade kamana deui? Teras uih wae atanapi hoyong kamana deui? Uih we nya bilih
kawengian. Aa oge bade ngajemput Si Teteh”, bari bebenah helm jeung neangan
receh jang parkir manehna ngomong. Rada heneg oge tidinya, aya rasa cemburu nu
nyekek neken kana angen asa digencet ku setum dina jero cai, eungap karasana.
Nya kuring bisa naon deui, geus puguh manehna boga kabogoh, tunangan geus lain
kabogoh deui geus ditalian.
Kuring
teu nembal ngan cicing lila nepi ka manehna nitah naek kana motor, “Hayu atuh
neng naek, naha ngahuleng?”. Kuring naek teu loba omong.
Nepi
ka imah pikiran goreng kukurilingan dina pikir, meureun Kang Abdul jeung Teh
Nina teh tuluy ulin, meureun tuluy dinner, meureun tuluy poto box oge sarua
jiga tadi, meureun..., meureun..., meureun....., ah karep. Peuting jam sapuuhan
Kang Abdul karek ngasms deui: Aa tos dugi bumi neng, neng nuju naon? Ah ukur
dibaca weh wungkul meh manehna apal yen kuring bendu.
Teu
apal iraha asupna Ema geus aya calik digigireun kuring bari rada mencetan kana
sampean. Asa ngadadak hayang ceurik, cimata geus nyalangkrung wae dina palipis
panon. Bari ngagabrug Ema kuring ceurik, ngaluarkeun sakabeh kanyeri nepi ka
sesegrukan. Ema teu loba omong ngan ngusapan weh, kitu oge kuring teu ngomong
nanaon ngan ceurik weh salepas-lepasna.
”Peupeujeuh
ulah jadi pegat harepan, hirup mah kudu daek peurih ngarah ngke meunang
peurahna, geus kuduna kieu meureun neng. Tarimakeun, ikhlaskeun, sing jembar.
Sugan aya nu leuwih hade nu jadi rido-Na”.
Kuring
rada reuwas naha Ema bet nyarios kitu, kapanan can nyarita kuring teh. Naha Ema
apal naon nu geus kajadian? Atawa nu ngarana kolot mah pasti apal wae, bisa
ngarasakeun naon nu dirasakeun ku budak atawa incuna. Kuring teu nembal nanaon,
teu loba omong ngan ceurik rada eureun, ngelapan cimata.
“Anggur
mah geura istirahat neng, sok sarekeun. Tong dipikiran teuing da moal bisa
balik deui. Tong ceurik wae kadon cape. Isuk kuliah lain? Ngke era geura socana
bintitan.” Nyimbutan tuluy ngaleos nutupkeun panto. Kuring teu nembal
saharitaeun.
Malem
minggu kuring nongton drama tari di Tambud, babarengan jeung Kang Abdul, Kang
Hadi, Kang Adi, Teh Dila oge babaturan liana. Harita geus aya satengah jalan
pagelaran teh, kuring keur anteng ngobrolkeun eta pagelaran. Teu lila naha aya
nu ujug-ujug datang ti tukangeun, sihoreng Teh Nina, kabayang eta kumaha kuring
nya oge Kang Abdul reuwas, reuwas pisan. Naha Teh Nina bisa datang? Dina waktu
anu teu tepat. Salah sangka mah pasti, ah alamat pipaseaeun ieu mah. Kudu
kumaha atuh? Kuring teu puguh pipikiran, kitu oge Kang Abdul kaciri pisan
pasemona semu pias.
“Naha
aya didieu? Sareng saha kadieu?” tanya Kang Abdul ka Teh Nina.
“Naha
make jeung nanya kitu? Ulah Nina aya didieu? Meni semu reuwas kitu? Ngalakukeun
salah?” Teh Nina ngabales ku loba patanyaan semu sinis.
“Teu
nanaon, naha ditanya kadon malik nanya? Jeung saha kadieu?” Kang Abdul rada
naek.
“Teu
kudu nyaho jeung saha Nina kadieu nu jelas mah ayeuna Na apal kumaha kalakuan
akang satukangeun Na, lain beja wungkul ayeuna mah geuning geus kabuktian,
katempo ku panon sorangan ayeuna mah. Akang rek alesan naon deui? Geus lain
waktuna...”, Teh Nina nyoroscos teu katulungan.
Teu
loba omong Kang Abdul langsung ngabetot Teh Nina ka tukang bangku penongton nu
rada kosong. Kuring teu wani nuturkeun, kaciri maranehna keur guntreng, Teh
Nina ceurik. Kuring ngawanikeun karep nyampeurkeun, barang nempo kuring
nyampeurkeun Teh Nina langsung ngaluarkeun peso tina kantong na, muru kuring nu
teu jauh ti manehna bari ngulang-ngulang peso dina leungeuna, beuki deukeut,
beuki deukeut kuring teu bisa ngahindar, manehna newek kuring. Teu inget nanaon,
kaciri aya cahya bodas rada koneng, beuki caang. Kuring beunta, nyampak Ema aya
sagigireun kuring.
“Kunaon
Neng? Ngimpi naon? Istighfar..”, ema nanya. Kuring ngahuleng.
“Astaghfirulloh...”
Asa
kapikiran keneh ngimpi peuting tadi, kuring sapoe harita mah ngahuleng ku
mikiran eta. Kila-kila naon eta ngimpi nepi ka kuring rek dirogahala ku Teh
Nina.
“Kamari
Jang Abdul kadieu, nyarita ka Ema yen manehna geus dititah buru-buru
ngaresmikeun, keluarga awewena menta bulan hareup geus akad. Resepsina mah
nyusul ceunah.” Ema nyarita bari meresan gerohan kana erak.
Kuring
ngan cicing api-api teu ngadenge.
Paingan
atuh kamari basa kuring mulang Ema teu loba nanya, sihoreng teh geus apal
tiheula sabab Kang Abdul bebeja heula ka Ema saacan ngomong ka kuring.
*****