Kamis, 07 Agustus 2014

Aya Ahmad Bakri sajeroeun Ua Haji Dulhamid jeung Ronggeng Sajajagat


Sastra téh gambaran kahirupan, jeung éta gambaran kahirupan téh kanyataan sosial. Hartina naon boa lalakon nu karandapan dina karya sastra, éta téh mangrupa refléksi tina hubungan pangarang jeung masarakatna. Lalakona aya nu pribadi, individual, atawa personal. Aya ogé nu ngagambarkeun réalitas nu leuwih lega, nu patali jeung kamekaran sosial, kajadian politik, atawa kajadian budaya nu mawa pangaruh dina hiji sélér bangsa, nagara, atawa dunya.
Lamun urang sumender kana teori Goldman, tangtu nu disebut gambaran kahirupan sosial téh taya lian kahirupan jembar; kajadian nu mawa pangaruh gedé kana kahirupan masarakat jeung nagarana, misalna baé konflik politik, robahna tatanan kahirupan masarakat, budaya nu jadi dasar kana kamekaran, nu mawa pangaruh badag dina unggal lini kahirupan lain ngalalakonkeun pangalaman pribadi wungkul.
Di tataran sastra sunda, Ahmad Bakri (1917-1988) mangrupa sastrawan nu kahot jeung geus loba medarkeun buku, nyumbangkeun kaparigelan nulisnadina kasundaan nu mangrupa carita pondok, carita nyambung, novel, jrrd.Karya-karya Ahmad Bakri nu geus medal mangrupa buku di antarana Payung Butut, Rajapati di PananjungSanghiang Lutung KasarungSrangéngé Surup Mantén, Sudagar Batik, Mayit dina Dahan Jéngkol, Jurutulis Malingping, Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati, jeung Ki MerebotKabandang ku Kuda Lumping,Nu Seungit Dipulang Asih. Salian ti éta, carpon-carpona ogé dikumpulkeun dina bukuDina Kalangkang Panjara jeung Dukun Lepus.
Ahmad Bakri lain waé kaasup kana pangarang Sunda produktif, tapi deuih kungsi meunang jujuluk pangarang paporit dumasar kana hasil angkét majalah Manglé dina taun 80-an. Tangtu aya dasarna hasil angkét Manglé téh, karangan Ahmad Bakri boh carpon boh carnyam anu dimuat dina éta majalah loba nu mikaresep, malah sok kacida diarep-arepna. Lantaran salian ti produktivitasna dina nyieun karya, kaparigelanana dina ngagambarkeun kahirupan masarakat leutik kacida hirup tur seger pisan. Kritik-kritikna kana pamaréntahan nu teu adil loba ditepikeun ku basa nu basajan tur nyantéi. Minangka karya hiji Guru, karya-karyana pinuh ku amanat anu nyamuni dina carita nu ditepikeunana.
Kaparigelana dina nulis nu diwangun ku gunem catur mangrupa kapunjulan ti Ahmad Bakri. Tokoh-tokoh­na karasa hirup. Caritana gampil ditarima, tapi gede pisan amanat nu bisa dijadikeun eunteung keur kahirupan. Eusina teu pernah jauh tina kahirupan sapopoé di daérah padésaan. Loba diantarana nu nyokot latar nalika jaman panjajahan Walanda saacan Perang Dunia ka-2. Kusabab éta karya-karya Ahmad Bakri ngandung nilai historis kultural.
Salah sahiji karya nu paling dipikaresep nyaéta serial Ua Haji Dulhamid nu dimuat majalah manglé ti taun 1985. Penerbit kiblat ngabukukeun serial  nu mangrupa obrolan warung kopi nu geus lami pisan teu kaluar di masarakat. Dina panganteurna direncanakeun buku dicitak janten 3jilid.Buku jilid kahiji diterbitkeun nganggo judul Ronggeng Sajajagat nu dicokot tina salah sahiji obrolan. Sadayana ngamuat 17 judul. Enya gé latar caritana jaman orde baru,mung téma-téma obrolanna seueur nu diangkat tina fénoména sosial budaya masyarakat samasa pamarentahan kolonial. Jadi, lian ti ngahibur buku ieu ogé buku nu informatif.
Dina obrolan nu dijudulan Ki Madlani,Ronggéng Sajajagat, jeung Tanjakan Cigaru,utamana ngaliwatan tokohUa Haji, Ahmad Bakri ngagambarkeun poékna kahirupan jaman baheula. Ki Madlani,tokoh nu dijadikeun judulna nyaéta bandar judi nu dilandi raja téga. Sedengkeun dina Tanjakan Cigaru, nu dicaritakeun  ku Ua Haji nyaéta Si Sabda. Saperti Ki Madlani,Sabda ogé tukang rampok,maéhan jeung ngarogahala. Lian ti Madlani jeung Sabda,aya oge Anis, ronggéng geulis sripanggung nu ahirna paéh alatan rajasinga.
Dina carita Kariaan Dalem jeung Moro Maung, Ua Haji nyaritakeun hiji sisi kahirupan ménak nu aya patalina jeung hal-hal mistis. Dina Kariaan Dalem,lian ti nyaritakeun fénoména masarakat Ciamis dina mangsa bupati ngayakeun kariaan,ogédicaritakeun ngeunaan tamu ondangan  ti Rawa Onom. Keur tamu-tamu nuteu lain nyaéta mahluk halus,disadiakeun ténda husus. Mun tatamu éta mulang,ngadadak balong  pinuh ku lauk, nyampak munding sababaraha hiji,teuing timana datangna, geus ditalian kana tatangkalan.
Pon kitu deui dina Moro Maung. Dina jaman harita, aya kalana Bupati jeung masarakatna moro maung,nu mindeng ngalaan sato nu diingu ku masarakat, leuweung  ngadadak siga pasar malam. Lian ti éta, Ua Haji nyaritakeun maung siluman nu dikaitkeun jeung mitos Prabu Siliwangi.
Kajadian–kajadian nu gedé gé teu weléh dicaritakeun ku Ua Haji, dina carita Nu Geulis, carita nu diangkat tina kajadian mahabuna hama beurit nu ngaruksak rébuan héktar sawah. Teu tinggaleun dicaritakeun ogé adat istiadat masarakat dina widang tatanén, sedengkeun dina Jaman Cacing Saduit, nyaritakeun kisah ngeunaan tanam paksa di Jawa Barat,dina jaman kopi keur jadi primadona harita. Nu masih kontékstual nyaéta Rampog Kawasén. Obrolan na patali jeung jaman dimana pihak nu boga kawasa ngarampas harta banda rahayat sangeunahna.
Aya nu jadi paporit kuring dina salah sahiji pagunemana,
“Lakuning kajurung nafsu, mesatna kana doraka,anggeusna dina cilaka.”
Éta mangrupa salah sahiji ungkara basa tina carita Ronggéng Sajajagat. Nu mibanda harti yén laku lampah manusa nu kajurung ku nafsu, lumpatna kana pidorakaeun nu tungtungna matak picilakaeun jeung ngadoréksakeunka dirina sorangan.Mun sacara konsép konstektual, carita éta téh masih aya dina kahirupan jaman ayeuna, tangtu baé. Poékna sisi kahirupan nu ngawowoy hawa napsu pikeun minuhan eusi peujit ku jalan milampah laku goréng dina ngalap rejeki ku jalan jual diri, seueur kénéh kajadian,boh ronggéng tradisional nu nyamuni na kedok seni atanapi nu kedokna medernitas dina wangunan diskotik jeung tempat hiburan malam lianna.
Teu beunang dipungkiri ku urang sadayana, dina jaman ayeuna panyakit masarakat siga kieu nu jadi hiji paktor ningkatna panyakit nu tumali jeung prilaku séks bébas. Lamun dina carita Ronggeng Sajajagat aya si Anis ronggeng kahot nu panggeulisna dina jamanna jadi sripanggung tapi lalakon na maksiat wungkul,teu lila jayana, umur tilu puluh taun gé,geus ruksak pisan awakna,irung sumpung, panon pécak, jaba leungeun kémpréng sabeulah,keuna panyakit kotor sabangsa sipilis,da tadina diobral teuing boga rasa payu,sagala bres waé. Dina jaman ayeuna aya nu ngarana HIV/AIDS  anu tiap taun beuki nambahan baéjalma nu kakeunaan ku panyakit eta.Lila sanggsarana si Anis téh, malahan paéhna gé di saung sawah batur. Éta bisa dijadikeun eunteung keur kahirupan urang, hadé rupa teu dibarengan ku haté nu hadé ogé, lumpatna kana cilaka, nyangsarakeun awak sorangan.
“pan heueuh... paingan ceuk kolot, geulis rupa mah tara langgeng katarajang ku umur gé ruksak... nu langgeng mah geulis ati kabawa nepi ka ahérat.”
Kurang leuwih kitu nu katangkep ku kuring dina gunem catur nu dicaritakeun ku Ua Haji Dulhamid dina judul Ronggéng Sajajagat, nu jadi bangbaluh dina maca ieu carita nyaéta hiji carita nu ditulis dina wangun paguneman nu teu make ngaran saha nu ngomongna, bagéan saha nu ngomongna, enya gé Ahmad Bakri mangrupa hiji penulis nu piawai dina ngadamel carita wangun paguneman, tapi dina carita nu diterbitkeun deui ku Kiblat nu nyandak tina majalah manglé teu di revisi deui janten teu disebatkeun saha nu keur nyarita dina paguneman éta téh, mung wangun dialog nu dicirikeun ku kekenteng wungkul. Duka pédah ngudag kana orisinalitas carita nu aya dina mangle,tapi di dinya justru nu jadi hiji bangbaluhna pikeun nu maca ngarti kana eusi carita,jeung saha nu keur nyarita na. Tapi onjoyna ieu karya téh nyaéta ngangkat carita nu sumberna tina paguneman di warung kopi jadi teu karasa mapatahan pisan kawas sakumna ngobrol wéh.
Dina teori sastra aya nu disebut estetika resepsi nyaéta tanggapan pembaca terhadap karya salah sahiji kritik Jauss: horison harapan pembaca. Lamun dipaluruh tina  tiori Jauss, seueur pisan kritik nu tiasa didugikeun kana ieu karya, mun ditaluntik maké teori estetika resepsi. Tanggapan nu maca kana hiji karya pasti béda jauh jeung naon nu dimaksud ku nu nulis, kusabab horison harapan na teu nepi perspektif sinkronik jeung diakronik teu saluyu.
Serial Ua Dulhamid I nu judulna Ronggéng Sajajagatwedal munggaran dina wangun novél ku Kiblat mangrupakeun novél anu munel ku naséhat nu nyamuni dina eusi carita sanajan eusina mah lolobana geus bari lantaran sering dipituahkeun ku para sepuh. Tapi ku sabab ditepikeun na ku Ahmad Bakri ngaliwatan gunem catur antara Ua Haji jeung batur ngobrolna di émpéran mesjid atawa di imahna diselapan ku heureuy anu has pilemburan bari ngawangkong. Éta naséhat jeung patuah téh teu karasa mapatahan kanu maca na. Ari bahan gunem caturna umumna mangrupa pangalaman béh ditu nu kaalaman ku Ua Haji jeung anu sapantaranana tapi teu kaalaman nu sejen nu sok milu ngawangkong. Nya katapis ngadongéng jeung kaparigelan nyarita jadi salah sahiji kapunjul Ahmad Bakri dibanding jeung para pangarang sunda lianna. Ngan hanjakal, hiji kakurangana numutkeun kamandang kuring nu geus maca ieu karya nyaéta rada bingung ngabandungan saha nu ngomong kusabab loba nu teu disebutkeun ngaran atawa jelema nu ngomong dina wangun pagunemana ngan saukur dibéré ciri ku kekenteng wungkul.

Referensi:

Tidak ada komentar:

Posting Komentar