Kamis, 07 Agustus 2014

Bapa...

Loba jelema ting lalimbung di hareupen imah, aya naon ieu pikir Rasih. Manehna rada ngaganjangan leumpangna hayang buru-buru nepi, teu loba tanya manehna langsung asup ka jero imah. Kasampak aya indungna nu keur ceurik bari nangkeup bapana nu ngagoler geus teu walakaya, ibi geuwat ngarangkul Rasih, dibawa ka dapur tuluy dibere nginum nepi dinya manehna can ngomong saeutik-eutik acan.
“Ari nu tadi teh saha ibi nu diceungceurikan ku mamah? Bapa Asih eta teh?”, beungeutna masih keneh lempeng semu ngahuleng.
Si ibi nembal ku ceurik beuki mereketkeun nagkeup Rasih.
“Naha ibi oge bet milu ceurik? Tong sarerea ceurik atuh bi, Asih oge teu ceurik. Geus waktuna meureun bapa teh. Karunya diganggayong wae ku panyakit mang taun-taun. Ieu teh jalan ti Pangeran nu panghadena pikeun bapa oge urang sarerea”, Rasih nyurucudkeun cimata.
“Gusti, aya ku sholeha pisan. Emh.. bagja bapa maneh teh di aherat ngabogaan budak siga kieu. Hampura ibi, nyai”, Bi Ai dareda.
Rasih nyampeurkeun indungna nu masih keneh ceurik bari diupahan ku Ua Iim. Manehna teu bisa ngomong nanaon, ngalempreh weh nyarande kana kusen panto. Nempo Rasih indungna kadon beuki ceurik bari ngagabrug Rasih.
“Asih, hampura bapa nya Sih. Ayeuna mah tinggal urang duaan. Sing bageur, sing sukses buktikeun ka bapa najan bapa geus teu bisa nyaksian oge.”
“Nya atos atuh, mamah tong nangis wae karunya bapa. Sing rido mah sangkan bapa taya nu ngabeungbeuratan. Urang teu tinggal duaan mah, aya loba dulur baraya.” Rasih nguat-nguatkeun maneh sabab nempo indungna kawas kitu.
Rasih pada-pada ngusapan, kitu oge ka indungna. Ceunah mah saacan Rasih datang indungna teh ngamuk heula, kejer hese ngupahanana. Padahal mah indungna kasebut wareg ngaulaan salakina, salila 3 taun gering teu cageur-cageur beuki dieu beuki parah wae malah mah pernah nepi ka jiga jalma setres salakina teh tapi kakapeungan. Geus beak sagala atuh, emas, tanah, sawah jeung sajabana beak dipake berobat. Tinggal imah weh nu ayeuna ditempatan. Baheulana mah jalma sugih, usaha Kang Barna keur maju. Loba meulian tanah, sawah, kebon, Nyi Dede na oge reunceum sebutna mah nepi ka siku eta geulang mun dipake kabeh mah. Samet salakina gegeringan wae saeutik-saeutik eta banda teh dijualan. Ceuk beja mah Kang Barna teh aya nu ngaheureuyan, aya nu sirik ka manehna teuing eta di panyabaana atawa di lemburna. Kaitung tereh pisan atuh da beungharna teh, matak aya ceunah deui eta teh munjung teu bisa kabeuli deui matak nepi ka kagegeringan kitu.
Teu nungguan lila eta mayit teh poe harita keneh langsung dikurebkeun. Rada jauh ti lembur ka belah wetan saeutik aya astana nu umum lamun nu deukeut mah eta pemakaman keluarga H. Alim husus keluarga. Iring-iringan nu nganteur kaitung panjang pisan, basa nyolatkeun di masjid oge rada pinuh sabab Kang Barna mah kasebut bageur pisan, berehan nya da aya matak berehan oge jadi loba nu bisa diberekeun ka baturna, mun jalma teu boga mah tong boro mere ka batur da geuning keur sorangana oge hese.
Nepi ka kapling tempat nguburkeuna oge geus nyampak loba jelema nu nungguan. Sagalana geus siap. Barang rek dikuburkeun, layon dibuka, naha eta mayit teh jadi bagedog cau dibungkus ku lawon.
“Astaghfirulloooohh............................”, sakabeh nu aya didinya reuwas.
Nyi Dede ngajerit maratan langit, teu inget alam dunya. Harita keneh jol nyakakak seuri, terus ceurik akang-akangan, nyakakak deui seuri. Gempar di eta tempat, sakabeh jelema riweuh, nu sieun mah ribut baralik deui. Rasih ngedeprek naleukeum kana taneuh beurem makam, nyurucud cimatana, ceurik teu soraan saeutik-eutik acan.
“Asih mah teu butuh harta banda pa, Asih mah butuh keluarga. Ayeuna geus kudu waktuna bapa narima babales Gusti tina naon nu geus dilakukeun ku bapa, wayahna pa, bongan saha”. Rasih ngagerentes.
Nepi ka ayeuna indungna gelo, sok jejeritan sorangan, sakapeung eling balanja ka warung Ceu Ojoh bari sarieuneun eta oge. Rasih kaluar SMP tuluy digawe di tatanggana jadi pembantu, sok anggur buburuh nyeuseuh jeung sajabana kumaha dititah ku tatanggana wae.
Nanaon oge nu teu barokah mah moal ngahasilkeun kabagjaan, dina bagjana nya ngan saharitaeun. Harta banda mah titipan.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar