Kamis, 07 Agustus 2014

Sajak jelema awam

Sajak Cinta
Ieu nu ngarana cinta téh?
sagala karasa.
                                                Andir, 14 April 2014 basa keur meujeuhna bogoh.


Hirup, hurip, ripuh
Aya alesan nu pasti naha urang dilahirkeun
aya alesan nu pasti naha urang kudu babanda
tapi euweuh alesana mun urang kudu sangsara.


Manéh nu maneuh
Hiliwir angin nu patinggugupay
ngajak ieu pikir kana waktu harita
harita
pasini jangji paheut asih kadeudeuh
disaksian ku bentang nu baranang
olohok semu sirik
bulan gé teu loba omong
émprak bari buburileukan dulak-delék
teu boga layan
pleng...
kumalayang ieu pikir
nyiang rasa nu teu puguh
kabayang jauh kalangkang katresna ti kaanggangan
duh manéh nu maneuh
naha bet kudu ngahimpit rasa muragkeun raheut
kaduhung...
                                keur ngalamun di kosan, nyorangan nginget-nginget mangsa katukang.


Galau
Poék mongkléng nu kacida
sora bueuk ngalanglayung
angin peuting mawa rasa teu merenah
nambah guligah
bulan leungit kahalangan mega
bentang indit sudi jadi saksi
ukur kalangkang fatamorgana
éta gé kalangkang urang
aya waé piceurikeuna dina lamunan
aya waé piambekeuna dina lamunan
aya ogé bungahna, ngan saeutik.
                                                                                Jatinangor, 20 April 2014


Begang
Ambekna alabatan durukan suluh ditambahan ban
lila ka pareumna teu beunang diubaran
garis beungeut geus kawas benang nyangsang
ngambay tapi pajuriwet
buuk tinggal dua lambar
kulit lanyod
begang jeung begung
ngalungsar, kapegung, eungap
tinggal tulang jeung nafsu.

Ucing
Alus rupa alus budi
dipikadeudeuh ku manusa
imut manja dihareupeun jelema
ditukangeuna cocokot sagala rupa
mun hayang hayang mun embung embung
munapék jiga si éta
atawa si éta nu siga ucing

Kalangkang
Urang cicing manéhna cicing
urang lumpat milu lumpat
ngudag taya anggeusna taya nepina
hésé ditéwak hésé dicarék

lir ibarat tugas nu sok ngalangkang sapopoéna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar