Loba
jelema ting lalimbung di hareupen imah, aya naon ieu pikir Rasih. Manehna rada
ngaganjangan leumpangna hayang buru-buru nepi, teu loba tanya manehna langsung
asup ka jero imah. Kasampak aya indungna nu keur ceurik bari nangkeup bapana nu
ngagoler geus teu walakaya, ibi geuwat ngarangkul Rasih, dibawa ka dapur tuluy
dibere nginum nepi dinya manehna can ngomong saeutik-eutik acan.
“Ari
nu tadi teh saha ibi nu diceungceurikan ku mamah? Bapa Asih eta teh?”, beungeutna
masih keneh lempeng semu ngahuleng.
Si
ibi nembal ku ceurik beuki mereketkeun nagkeup Rasih.
“Naha
ibi oge bet milu ceurik? Tong sarerea ceurik atuh bi, Asih oge teu ceurik. Geus
waktuna meureun bapa teh. Karunya diganggayong wae ku panyakit mang taun-taun.
Ieu teh jalan ti Pangeran nu panghadena pikeun bapa oge urang sarerea”, Rasih
nyurucudkeun cimata.
“Gusti,
aya ku sholeha pisan. Emh.. bagja bapa maneh teh di aherat ngabogaan budak siga
kieu. Hampura ibi, nyai”, Bi Ai dareda.
Rasih
nyampeurkeun indungna nu masih keneh ceurik bari diupahan ku Ua Iim. Manehna
teu bisa ngomong nanaon, ngalempreh weh nyarande kana kusen panto. Nempo Rasih
indungna kadon beuki ceurik bari ngagabrug Rasih.
“Asih,
hampura bapa nya Sih. Ayeuna mah tinggal urang duaan. Sing bageur, sing sukses
buktikeun ka bapa najan bapa geus teu bisa nyaksian oge.”
“Nya
atos atuh, mamah tong nangis wae karunya bapa. Sing rido mah sangkan bapa taya
nu ngabeungbeuratan. Urang teu tinggal duaan mah, aya loba dulur baraya.” Rasih
nguat-nguatkeun maneh sabab nempo indungna kawas kitu.
Rasih
pada-pada ngusapan, kitu oge ka indungna. Ceunah mah saacan Rasih datang
indungna teh ngamuk heula, kejer hese ngupahanana. Padahal mah indungna kasebut
wareg ngaulaan salakina, salila 3 taun gering teu cageur-cageur beuki dieu
beuki parah wae malah mah pernah nepi ka jiga jalma setres salakina teh tapi
kakapeungan. Geus beak sagala atuh, emas, tanah, sawah jeung sajabana beak
dipake berobat. Tinggal imah weh nu ayeuna ditempatan. Baheulana mah jalma
sugih, usaha Kang Barna keur maju. Loba meulian tanah, sawah, kebon, Nyi Dede
na oge reunceum sebutna mah nepi ka siku eta geulang mun dipake kabeh mah.
Samet salakina gegeringan wae saeutik-saeutik eta banda teh dijualan. Ceuk beja
mah Kang Barna teh aya nu ngaheureuyan, aya nu sirik ka manehna teuing eta di
panyabaana atawa di lemburna. Kaitung tereh pisan atuh da beungharna teh, matak
aya ceunah deui eta teh munjung teu bisa kabeuli deui matak nepi ka
kagegeringan kitu.
Teu
nungguan lila eta mayit teh poe harita keneh langsung dikurebkeun. Rada jauh ti
lembur ka belah wetan saeutik aya astana nu umum lamun nu deukeut mah eta
pemakaman keluarga H. Alim husus keluarga. Iring-iringan nu nganteur kaitung
panjang pisan, basa nyolatkeun di masjid oge rada pinuh sabab Kang Barna mah
kasebut bageur pisan, berehan nya da aya matak berehan oge jadi loba nu bisa
diberekeun ka baturna, mun jalma teu boga mah tong boro mere ka batur da
geuning keur sorangana oge hese.
Nepi
ka kapling tempat nguburkeuna oge geus nyampak loba jelema nu nungguan.
Sagalana geus siap. Barang rek dikuburkeun, layon dibuka, naha eta mayit teh
jadi bagedog cau dibungkus ku lawon.
“Astaghfirulloooohh............................”,
sakabeh nu aya didinya reuwas.
Nyi
Dede ngajerit maratan langit, teu inget alam dunya. Harita keneh jol nyakakak seuri,
terus ceurik akang-akangan, nyakakak deui seuri. Gempar di eta tempat, sakabeh
jelema riweuh, nu sieun mah ribut baralik deui. Rasih ngedeprek naleukeum kana
taneuh beurem makam, nyurucud cimatana, ceurik teu soraan saeutik-eutik acan.
“Asih
mah teu butuh harta banda pa, Asih mah butuh keluarga. Ayeuna geus kudu waktuna
bapa narima babales Gusti tina naon nu geus dilakukeun ku bapa, wayahna pa,
bongan saha”. Rasih ngagerentes.
Nepi
ka ayeuna indungna gelo, sok jejeritan sorangan, sakapeung eling balanja ka
warung Ceu Ojoh bari sarieuneun eta oge. Rasih kaluar SMP tuluy digawe di
tatanggana jadi pembantu, sok anggur buburuh nyeuseuh jeung
sajabana kumaha dititah ku tatanggana wae.
Nanaon
oge nu teu barokah mah moal ngahasilkeun kabagjaan, dina bagjana nya ngan
saharitaeun. Harta banda mah titipan.