Kamis, 07 Agustus 2014

Bapa...

Loba jelema ting lalimbung di hareupen imah, aya naon ieu pikir Rasih. Manehna rada ngaganjangan leumpangna hayang buru-buru nepi, teu loba tanya manehna langsung asup ka jero imah. Kasampak aya indungna nu keur ceurik bari nangkeup bapana nu ngagoler geus teu walakaya, ibi geuwat ngarangkul Rasih, dibawa ka dapur tuluy dibere nginum nepi dinya manehna can ngomong saeutik-eutik acan.
“Ari nu tadi teh saha ibi nu diceungceurikan ku mamah? Bapa Asih eta teh?”, beungeutna masih keneh lempeng semu ngahuleng.
Si ibi nembal ku ceurik beuki mereketkeun nagkeup Rasih.
“Naha ibi oge bet milu ceurik? Tong sarerea ceurik atuh bi, Asih oge teu ceurik. Geus waktuna meureun bapa teh. Karunya diganggayong wae ku panyakit mang taun-taun. Ieu teh jalan ti Pangeran nu panghadena pikeun bapa oge urang sarerea”, Rasih nyurucudkeun cimata.
“Gusti, aya ku sholeha pisan. Emh.. bagja bapa maneh teh di aherat ngabogaan budak siga kieu. Hampura ibi, nyai”, Bi Ai dareda.
Rasih nyampeurkeun indungna nu masih keneh ceurik bari diupahan ku Ua Iim. Manehna teu bisa ngomong nanaon, ngalempreh weh nyarande kana kusen panto. Nempo Rasih indungna kadon beuki ceurik bari ngagabrug Rasih.
“Asih, hampura bapa nya Sih. Ayeuna mah tinggal urang duaan. Sing bageur, sing sukses buktikeun ka bapa najan bapa geus teu bisa nyaksian oge.”
“Nya atos atuh, mamah tong nangis wae karunya bapa. Sing rido mah sangkan bapa taya nu ngabeungbeuratan. Urang teu tinggal duaan mah, aya loba dulur baraya.” Rasih nguat-nguatkeun maneh sabab nempo indungna kawas kitu.
Rasih pada-pada ngusapan, kitu oge ka indungna. Ceunah mah saacan Rasih datang indungna teh ngamuk heula, kejer hese ngupahanana. Padahal mah indungna kasebut wareg ngaulaan salakina, salila 3 taun gering teu cageur-cageur beuki dieu beuki parah wae malah mah pernah nepi ka jiga jalma setres salakina teh tapi kakapeungan. Geus beak sagala atuh, emas, tanah, sawah jeung sajabana beak dipake berobat. Tinggal imah weh nu ayeuna ditempatan. Baheulana mah jalma sugih, usaha Kang Barna keur maju. Loba meulian tanah, sawah, kebon, Nyi Dede na oge reunceum sebutna mah nepi ka siku eta geulang mun dipake kabeh mah. Samet salakina gegeringan wae saeutik-saeutik eta banda teh dijualan. Ceuk beja mah Kang Barna teh aya nu ngaheureuyan, aya nu sirik ka manehna teuing eta di panyabaana atawa di lemburna. Kaitung tereh pisan atuh da beungharna teh, matak aya ceunah deui eta teh munjung teu bisa kabeuli deui matak nepi ka kagegeringan kitu.
Teu nungguan lila eta mayit teh poe harita keneh langsung dikurebkeun. Rada jauh ti lembur ka belah wetan saeutik aya astana nu umum lamun nu deukeut mah eta pemakaman keluarga H. Alim husus keluarga. Iring-iringan nu nganteur kaitung panjang pisan, basa nyolatkeun di masjid oge rada pinuh sabab Kang Barna mah kasebut bageur pisan, berehan nya da aya matak berehan oge jadi loba nu bisa diberekeun ka baturna, mun jalma teu boga mah tong boro mere ka batur da geuning keur sorangana oge hese.
Nepi ka kapling tempat nguburkeuna oge geus nyampak loba jelema nu nungguan. Sagalana geus siap. Barang rek dikuburkeun, layon dibuka, naha eta mayit teh jadi bagedog cau dibungkus ku lawon.
“Astaghfirulloooohh............................”, sakabeh nu aya didinya reuwas.
Nyi Dede ngajerit maratan langit, teu inget alam dunya. Harita keneh jol nyakakak seuri, terus ceurik akang-akangan, nyakakak deui seuri. Gempar di eta tempat, sakabeh jelema riweuh, nu sieun mah ribut baralik deui. Rasih ngedeprek naleukeum kana taneuh beurem makam, nyurucud cimatana, ceurik teu soraan saeutik-eutik acan.
“Asih mah teu butuh harta banda pa, Asih mah butuh keluarga. Ayeuna geus kudu waktuna bapa narima babales Gusti tina naon nu geus dilakukeun ku bapa, wayahna pa, bongan saha”. Rasih ngagerentes.
Nepi ka ayeuna indungna gelo, sok jejeritan sorangan, sakapeung eling balanja ka warung Ceu Ojoh bari sarieuneun eta oge. Rasih kaluar SMP tuluy digawe di tatanggana jadi pembantu, sok anggur buburuh nyeuseuh jeung sajabana kumaha dititah ku tatanggana wae.
Nanaon oge nu teu barokah mah moal ngahasilkeun kabagjaan, dina bagjana nya ngan saharitaeun. Harta banda mah titipan.


Jodo saha nu apal?

Hawa tiis, rada baseuh sesa hujan nu kakara raat. Leumpang nyorangan ditutur kalangkang, ngalanglayung. Awak nu jibrug rada garing kaanginan, “Naa... ari urang naha bet bisa bogoh ka lalakinepi ka kitu?” kuring rada ngagerendeng, lain na hate deui ieu mah geus ngedal.
Ras inget mangsa harita urang kakara panggih, teu patanya pisan da sarua nganggapna masing jarudes. Nu ngobrol teh ngan Kang Hadi jeung manehna bari ngadahar hayam krispi di hareupeun kampus, kuring mah anteng ngagugulung tulang teu pati ngareungeu naon nu diarobrolkeun da teu pati ngarti. Ngan poe kaduana kakara urang patanya, heureuy nepi ka silih elegna. Cumarita pangalaman sewang-sewangan, harita mah kuring keur galau lamun basa gaulna mah, nya bisa disebut can bisa move on. Kakara pegat jeung kabogoh. Beuki lila beuki deukeut, beuki apal watek masing-masing, beuki jero oge carita urang duaan teh geus leuwih interen.
“Neng, aa mah can pernah da caket sareng istri dugi ka sacaket ieu. Sareng kabogoh aa nyalira oge da tara nepi ka blak-blakan kieu. Caket sareng Eneng teh asa aya warna baru dina hidup aa, heuheuy..” manehna rada centil. “Ah.. sok angger aa mah, teu kenging kitu bisi aya cakcak bodas”, kuring nembal.
Tidiiiiid.... sora klakson mobil ngabuyarkeun lamunan kuring, ngorejat, tuluy nyisi. Ngarandeg renghap ranjung, sakeudeung deui nepi ka imah. Kuring rada ngagancangan leumpangna sieun bisi kaburu peuting komo keur usum culik ayeuna mah, ari pangpangna mah kuring teh lapar da ti beurang can dahar komo tadi ceurik wae jadi energi teh kaluar loba. Barang gok nepi ka panto hareup, aya Ema mukakeun panto, sigana mah nungguan kuring mulang jeung sok noong tina jandela mun kaciri kuring datang ribut muka panto. Harita Ema ngan melong semu bingung tuluy ngajak asup buru-buru sabab nempo awak nu ngadegdeg katiisan. Kuring ganti baju, Ema nyampeurkeun ka kamar mawa teh manis panas, teu wani nanya ieuh apaleun can waktuna nanya. Ngan balik deui weh Ema ka tengah imah nongton Haji Muhidin.
Ngagoler, ngalempengkeun cangkeng. Ret kana bupet digigireun risbang. Aya poto kuring jeung manehna.
“Aa sok poto box tara? Ka Jonas yu a, uihna cuwang makan di Giggle Box. Kan asiik, hee..” ajak kuring barang keur jalan-jalan kukurilingan di Kota.
“Aa mah can pernah neng ah bisi ngerakeun, hahaa.. kumaha atuh bisi ngke ngerakeun?” ceuk Kang Abdul.
“Aeh, nya keun bae atuh da aya eneng ieuh. Meh apal kapanan nya tong kuuleun. Ulin jeung neng mah kudu sagala apal, naon nu can pernah kudu dicobaan meh teu eleh ku batur.” Kuring nembal.
Nepi di Jonas Banda kuring jeung Kang Abdul teh nya poto box biasa, bener weh manehna mah teu ngartieun kudu kumaha, dipotona oge kaku kadon mati gaya. Seuseurian lobana mah kuring oge cape ku nyeungseurikeun. Beres tah popotoan kuring jeung manehna nuluy ka belah kidul aya tempat dahar jeung nongkrong nu genaheun. Lila cicing didinya teh aya tilu jamna da bari cumarita heureuy gogonjakan. Geus rada poek geuning kaluar teh, layung geus tembong.
“Neng bade kamana deui? Teras uih wae atanapi hoyong kamana deui? Uih we nya bilih kawengian. Aa oge bade ngajemput Si Teteh”, bari bebenah helm jeung neangan receh jang parkir manehna ngomong. Rada heneg oge tidinya, aya rasa cemburu nu nyekek neken kana angen asa digencet ku setum dina jero cai, eungap karasana. Nya kuring bisa naon deui, geus puguh manehna boga kabogoh, tunangan geus lain kabogoh deui geus ditalian.
Kuring teu nembal ngan cicing lila nepi ka manehna nitah naek kana motor, “Hayu atuh neng naek, naha ngahuleng?”. Kuring naek teu loba omong.
Nepi ka imah pikiran goreng kukurilingan dina pikir, meureun Kang Abdul jeung Teh Nina teh tuluy ulin, meureun tuluy dinner, meureun tuluy poto box oge sarua jiga tadi, meureun..., meureun..., meureun....., ah karep. Peuting jam sapuuhan Kang Abdul karek ngasms deui: Aa tos dugi bumi neng, neng nuju naon? Ah ukur dibaca weh wungkul meh manehna apal yen kuring bendu.
Teu apal iraha asupna Ema geus aya calik digigireun kuring bari rada mencetan kana sampean. Asa ngadadak hayang ceurik, cimata geus nyalangkrung wae dina palipis panon. Bari ngagabrug Ema kuring ceurik, ngaluarkeun sakabeh kanyeri nepi ka sesegrukan. Ema teu loba omong ngan ngusapan weh, kitu oge kuring teu ngomong nanaon ngan ceurik weh salepas-lepasna.
”Peupeujeuh ulah jadi pegat harepan, hirup mah kudu daek peurih ngarah ngke meunang peurahna, geus kuduna kieu meureun neng. Tarimakeun, ikhlaskeun, sing jembar. Sugan aya nu leuwih hade nu jadi rido-Na”.
Kuring rada reuwas naha Ema bet nyarios kitu, kapanan can nyarita kuring teh. Naha Ema apal naon nu geus kajadian? Atawa nu ngarana kolot mah pasti apal wae, bisa ngarasakeun naon nu dirasakeun ku budak atawa incuna. Kuring teu nembal nanaon, teu loba omong ngan ceurik rada eureun, ngelapan cimata.
“Anggur mah geura istirahat neng, sok sarekeun. Tong dipikiran teuing da moal bisa balik deui. Tong ceurik wae kadon cape. Isuk kuliah lain? Ngke era geura socana bintitan.” Nyimbutan tuluy ngaleos nutupkeun panto. Kuring teu nembal saharitaeun.
Malem minggu kuring nongton drama tari di Tambud, babarengan jeung Kang Abdul, Kang Hadi, Kang Adi, Teh Dila oge babaturan liana. Harita geus aya satengah jalan pagelaran teh, kuring keur anteng ngobrolkeun eta pagelaran. Teu lila naha aya nu ujug-ujug datang ti tukangeun, sihoreng Teh Nina, kabayang eta kumaha kuring nya oge Kang Abdul reuwas, reuwas pisan. Naha Teh Nina bisa datang? Dina waktu anu teu tepat. Salah sangka mah pasti, ah alamat pipaseaeun ieu mah. Kudu kumaha atuh? Kuring teu puguh pipikiran, kitu oge Kang Abdul kaciri pisan pasemona semu pias.
“Naha aya didieu? Sareng saha kadieu?” tanya Kang Abdul ka Teh Nina.
“Naha make jeung nanya kitu? Ulah Nina aya didieu? Meni semu reuwas kitu? Ngalakukeun salah?” Teh Nina ngabales ku loba patanyaan semu sinis.
“Teu nanaon, naha ditanya kadon malik nanya? Jeung saha kadieu?” Kang Abdul rada naek.
“Teu kudu nyaho jeung saha Nina kadieu nu jelas mah ayeuna Na apal kumaha kalakuan akang satukangeun Na, lain beja wungkul ayeuna mah geuning geus kabuktian, katempo ku panon sorangan ayeuna mah. Akang rek alesan naon deui? Geus lain waktuna...”, Teh Nina nyoroscos teu katulungan.
Teu loba omong Kang Abdul langsung ngabetot Teh Nina ka tukang bangku penongton nu rada kosong. Kuring teu wani nuturkeun, kaciri maranehna keur guntreng, Teh Nina ceurik. Kuring ngawanikeun karep nyampeurkeun, barang nempo kuring nyampeurkeun Teh Nina langsung ngaluarkeun peso tina kantong na, muru kuring nu teu jauh ti manehna bari ngulang-ngulang peso dina leungeuna, beuki deukeut, beuki deukeut kuring teu bisa ngahindar, manehna newek kuring. Teu inget nanaon, kaciri aya cahya bodas rada koneng, beuki caang. Kuring beunta, nyampak Ema aya sagigireun kuring.
“Kunaon Neng? Ngimpi naon? Istighfar..”, ema nanya. Kuring ngahuleng.
“Astaghfirulloh...”
Asa kapikiran keneh ngimpi peuting tadi, kuring sapoe harita mah ngahuleng ku mikiran eta. Kila-kila naon eta ngimpi nepi ka kuring rek dirogahala ku Teh Nina.
“Kamari Jang Abdul kadieu, nyarita ka Ema yen manehna geus dititah buru-buru ngaresmikeun, keluarga awewena menta bulan hareup geus akad. Resepsina mah nyusul ceunah.” Ema nyarita bari meresan gerohan kana erak.
Kuring ngan cicing api-api teu ngadenge.
Paingan atuh kamari basa kuring mulang Ema teu loba nanya, sihoreng teh geus apal tiheula sabab Kang Abdul bebeja heula ka Ema saacan ngomong ka kuring.
*****

Sajak jelema awam

Sajak Cinta
Ieu nu ngarana cinta téh?
sagala karasa.
                                                Andir, 14 April 2014 basa keur meujeuhna bogoh.


Hirup, hurip, ripuh
Aya alesan nu pasti naha urang dilahirkeun
aya alesan nu pasti naha urang kudu babanda
tapi euweuh alesana mun urang kudu sangsara.


Manéh nu maneuh
Hiliwir angin nu patinggugupay
ngajak ieu pikir kana waktu harita
harita
pasini jangji paheut asih kadeudeuh
disaksian ku bentang nu baranang
olohok semu sirik
bulan gé teu loba omong
émprak bari buburileukan dulak-delék
teu boga layan
pleng...
kumalayang ieu pikir
nyiang rasa nu teu puguh
kabayang jauh kalangkang katresna ti kaanggangan
duh manéh nu maneuh
naha bet kudu ngahimpit rasa muragkeun raheut
kaduhung...
                                keur ngalamun di kosan, nyorangan nginget-nginget mangsa katukang.


Galau
Poék mongkléng nu kacida
sora bueuk ngalanglayung
angin peuting mawa rasa teu merenah
nambah guligah
bulan leungit kahalangan mega
bentang indit sudi jadi saksi
ukur kalangkang fatamorgana
éta gé kalangkang urang
aya waé piceurikeuna dina lamunan
aya waé piambekeuna dina lamunan
aya ogé bungahna, ngan saeutik.
                                                                                Jatinangor, 20 April 2014


Begang
Ambekna alabatan durukan suluh ditambahan ban
lila ka pareumna teu beunang diubaran
garis beungeut geus kawas benang nyangsang
ngambay tapi pajuriwet
buuk tinggal dua lambar
kulit lanyod
begang jeung begung
ngalungsar, kapegung, eungap
tinggal tulang jeung nafsu.

Ucing
Alus rupa alus budi
dipikadeudeuh ku manusa
imut manja dihareupeun jelema
ditukangeuna cocokot sagala rupa
mun hayang hayang mun embung embung
munapék jiga si éta
atawa si éta nu siga ucing

Kalangkang
Urang cicing manéhna cicing
urang lumpat milu lumpat
ngudag taya anggeusna taya nepina
hésé ditéwak hésé dicarék

lir ibarat tugas nu sok ngalangkang sapopoéna.

Aya Ahmad Bakri sajeroeun Ua Haji Dulhamid jeung Ronggeng Sajajagat


Sastra téh gambaran kahirupan, jeung éta gambaran kahirupan téh kanyataan sosial. Hartina naon boa lalakon nu karandapan dina karya sastra, éta téh mangrupa refléksi tina hubungan pangarang jeung masarakatna. Lalakona aya nu pribadi, individual, atawa personal. Aya ogé nu ngagambarkeun réalitas nu leuwih lega, nu patali jeung kamekaran sosial, kajadian politik, atawa kajadian budaya nu mawa pangaruh dina hiji sélér bangsa, nagara, atawa dunya.
Lamun urang sumender kana teori Goldman, tangtu nu disebut gambaran kahirupan sosial téh taya lian kahirupan jembar; kajadian nu mawa pangaruh gedé kana kahirupan masarakat jeung nagarana, misalna baé konflik politik, robahna tatanan kahirupan masarakat, budaya nu jadi dasar kana kamekaran, nu mawa pangaruh badag dina unggal lini kahirupan lain ngalalakonkeun pangalaman pribadi wungkul.
Di tataran sastra sunda, Ahmad Bakri (1917-1988) mangrupa sastrawan nu kahot jeung geus loba medarkeun buku, nyumbangkeun kaparigelan nulisnadina kasundaan nu mangrupa carita pondok, carita nyambung, novel, jrrd.Karya-karya Ahmad Bakri nu geus medal mangrupa buku di antarana Payung Butut, Rajapati di PananjungSanghiang Lutung KasarungSrangéngé Surup Mantén, Sudagar Batik, Mayit dina Dahan Jéngkol, Jurutulis Malingping, Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati, jeung Ki MerebotKabandang ku Kuda Lumping,Nu Seungit Dipulang Asih. Salian ti éta, carpon-carpona ogé dikumpulkeun dina bukuDina Kalangkang Panjara jeung Dukun Lepus.
Ahmad Bakri lain waé kaasup kana pangarang Sunda produktif, tapi deuih kungsi meunang jujuluk pangarang paporit dumasar kana hasil angkét majalah Manglé dina taun 80-an. Tangtu aya dasarna hasil angkét Manglé téh, karangan Ahmad Bakri boh carpon boh carnyam anu dimuat dina éta majalah loba nu mikaresep, malah sok kacida diarep-arepna. Lantaran salian ti produktivitasna dina nyieun karya, kaparigelanana dina ngagambarkeun kahirupan masarakat leutik kacida hirup tur seger pisan. Kritik-kritikna kana pamaréntahan nu teu adil loba ditepikeun ku basa nu basajan tur nyantéi. Minangka karya hiji Guru, karya-karyana pinuh ku amanat anu nyamuni dina carita nu ditepikeunana.
Kaparigelana dina nulis nu diwangun ku gunem catur mangrupa kapunjulan ti Ahmad Bakri. Tokoh-tokoh­na karasa hirup. Caritana gampil ditarima, tapi gede pisan amanat nu bisa dijadikeun eunteung keur kahirupan. Eusina teu pernah jauh tina kahirupan sapopoé di daérah padésaan. Loba diantarana nu nyokot latar nalika jaman panjajahan Walanda saacan Perang Dunia ka-2. Kusabab éta karya-karya Ahmad Bakri ngandung nilai historis kultural.
Salah sahiji karya nu paling dipikaresep nyaéta serial Ua Haji Dulhamid nu dimuat majalah manglé ti taun 1985. Penerbit kiblat ngabukukeun serial  nu mangrupa obrolan warung kopi nu geus lami pisan teu kaluar di masarakat. Dina panganteurna direncanakeun buku dicitak janten 3jilid.Buku jilid kahiji diterbitkeun nganggo judul Ronggeng Sajajagat nu dicokot tina salah sahiji obrolan. Sadayana ngamuat 17 judul. Enya gé latar caritana jaman orde baru,mung téma-téma obrolanna seueur nu diangkat tina fénoména sosial budaya masyarakat samasa pamarentahan kolonial. Jadi, lian ti ngahibur buku ieu ogé buku nu informatif.
Dina obrolan nu dijudulan Ki Madlani,Ronggéng Sajajagat, jeung Tanjakan Cigaru,utamana ngaliwatan tokohUa Haji, Ahmad Bakri ngagambarkeun poékna kahirupan jaman baheula. Ki Madlani,tokoh nu dijadikeun judulna nyaéta bandar judi nu dilandi raja téga. Sedengkeun dina Tanjakan Cigaru, nu dicaritakeun  ku Ua Haji nyaéta Si Sabda. Saperti Ki Madlani,Sabda ogé tukang rampok,maéhan jeung ngarogahala. Lian ti Madlani jeung Sabda,aya oge Anis, ronggéng geulis sripanggung nu ahirna paéh alatan rajasinga.
Dina carita Kariaan Dalem jeung Moro Maung, Ua Haji nyaritakeun hiji sisi kahirupan ménak nu aya patalina jeung hal-hal mistis. Dina Kariaan Dalem,lian ti nyaritakeun fénoména masarakat Ciamis dina mangsa bupati ngayakeun kariaan,ogédicaritakeun ngeunaan tamu ondangan  ti Rawa Onom. Keur tamu-tamu nuteu lain nyaéta mahluk halus,disadiakeun ténda husus. Mun tatamu éta mulang,ngadadak balong  pinuh ku lauk, nyampak munding sababaraha hiji,teuing timana datangna, geus ditalian kana tatangkalan.
Pon kitu deui dina Moro Maung. Dina jaman harita, aya kalana Bupati jeung masarakatna moro maung,nu mindeng ngalaan sato nu diingu ku masarakat, leuweung  ngadadak siga pasar malam. Lian ti éta, Ua Haji nyaritakeun maung siluman nu dikaitkeun jeung mitos Prabu Siliwangi.
Kajadian–kajadian nu gedé gé teu weléh dicaritakeun ku Ua Haji, dina carita Nu Geulis, carita nu diangkat tina kajadian mahabuna hama beurit nu ngaruksak rébuan héktar sawah. Teu tinggaleun dicaritakeun ogé adat istiadat masarakat dina widang tatanén, sedengkeun dina Jaman Cacing Saduit, nyaritakeun kisah ngeunaan tanam paksa di Jawa Barat,dina jaman kopi keur jadi primadona harita. Nu masih kontékstual nyaéta Rampog Kawasén. Obrolan na patali jeung jaman dimana pihak nu boga kawasa ngarampas harta banda rahayat sangeunahna.
Aya nu jadi paporit kuring dina salah sahiji pagunemana,
“Lakuning kajurung nafsu, mesatna kana doraka,anggeusna dina cilaka.”
Éta mangrupa salah sahiji ungkara basa tina carita Ronggéng Sajajagat. Nu mibanda harti yén laku lampah manusa nu kajurung ku nafsu, lumpatna kana pidorakaeun nu tungtungna matak picilakaeun jeung ngadoréksakeunka dirina sorangan.Mun sacara konsép konstektual, carita éta téh masih aya dina kahirupan jaman ayeuna, tangtu baé. Poékna sisi kahirupan nu ngawowoy hawa napsu pikeun minuhan eusi peujit ku jalan milampah laku goréng dina ngalap rejeki ku jalan jual diri, seueur kénéh kajadian,boh ronggéng tradisional nu nyamuni na kedok seni atanapi nu kedokna medernitas dina wangunan diskotik jeung tempat hiburan malam lianna.
Teu beunang dipungkiri ku urang sadayana, dina jaman ayeuna panyakit masarakat siga kieu nu jadi hiji paktor ningkatna panyakit nu tumali jeung prilaku séks bébas. Lamun dina carita Ronggeng Sajajagat aya si Anis ronggeng kahot nu panggeulisna dina jamanna jadi sripanggung tapi lalakon na maksiat wungkul,teu lila jayana, umur tilu puluh taun gé,geus ruksak pisan awakna,irung sumpung, panon pécak, jaba leungeun kémpréng sabeulah,keuna panyakit kotor sabangsa sipilis,da tadina diobral teuing boga rasa payu,sagala bres waé. Dina jaman ayeuna aya nu ngarana HIV/AIDS  anu tiap taun beuki nambahan baéjalma nu kakeunaan ku panyakit eta.Lila sanggsarana si Anis téh, malahan paéhna gé di saung sawah batur. Éta bisa dijadikeun eunteung keur kahirupan urang, hadé rupa teu dibarengan ku haté nu hadé ogé, lumpatna kana cilaka, nyangsarakeun awak sorangan.
“pan heueuh... paingan ceuk kolot, geulis rupa mah tara langgeng katarajang ku umur gé ruksak... nu langgeng mah geulis ati kabawa nepi ka ahérat.”
Kurang leuwih kitu nu katangkep ku kuring dina gunem catur nu dicaritakeun ku Ua Haji Dulhamid dina judul Ronggéng Sajajagat, nu jadi bangbaluh dina maca ieu carita nyaéta hiji carita nu ditulis dina wangun paguneman nu teu make ngaran saha nu ngomongna, bagéan saha nu ngomongna, enya gé Ahmad Bakri mangrupa hiji penulis nu piawai dina ngadamel carita wangun paguneman, tapi dina carita nu diterbitkeun deui ku Kiblat nu nyandak tina majalah manglé teu di revisi deui janten teu disebatkeun saha nu keur nyarita dina paguneman éta téh, mung wangun dialog nu dicirikeun ku kekenteng wungkul. Duka pédah ngudag kana orisinalitas carita nu aya dina mangle,tapi di dinya justru nu jadi hiji bangbaluhna pikeun nu maca ngarti kana eusi carita,jeung saha nu keur nyarita na. Tapi onjoyna ieu karya téh nyaéta ngangkat carita nu sumberna tina paguneman di warung kopi jadi teu karasa mapatahan pisan kawas sakumna ngobrol wéh.
Dina teori sastra aya nu disebut estetika resepsi nyaéta tanggapan pembaca terhadap karya salah sahiji kritik Jauss: horison harapan pembaca. Lamun dipaluruh tina  tiori Jauss, seueur pisan kritik nu tiasa didugikeun kana ieu karya, mun ditaluntik maké teori estetika resepsi. Tanggapan nu maca kana hiji karya pasti béda jauh jeung naon nu dimaksud ku nu nulis, kusabab horison harapan na teu nepi perspektif sinkronik jeung diakronik teu saluyu.
Serial Ua Dulhamid I nu judulna Ronggéng Sajajagatwedal munggaran dina wangun novél ku Kiblat mangrupakeun novél anu munel ku naséhat nu nyamuni dina eusi carita sanajan eusina mah lolobana geus bari lantaran sering dipituahkeun ku para sepuh. Tapi ku sabab ditepikeun na ku Ahmad Bakri ngaliwatan gunem catur antara Ua Haji jeung batur ngobrolna di émpéran mesjid atawa di imahna diselapan ku heureuy anu has pilemburan bari ngawangkong. Éta naséhat jeung patuah téh teu karasa mapatahan kanu maca na. Ari bahan gunem caturna umumna mangrupa pangalaman béh ditu nu kaalaman ku Ua Haji jeung anu sapantaranana tapi teu kaalaman nu sejen nu sok milu ngawangkong. Nya katapis ngadongéng jeung kaparigelan nyarita jadi salah sahiji kapunjul Ahmad Bakri dibanding jeung para pangarang sunda lianna. Ngan hanjakal, hiji kakurangana numutkeun kamandang kuring nu geus maca ieu karya nyaéta rada bingung ngabandungan saha nu ngomong kusabab loba nu teu disebutkeun ngaran atawa jelema nu ngomong dina wangun pagunemana ngan saukur dibéré ciri ku kekenteng wungkul.

Referensi:

Selasa, 15 Juli 2014

Ramadhan ini

Allohumma sholiala sayyidina muhammadinil fatih limaa ughliqo walkhootimi limaa sabaqonaa syiril haqqi bil haqqi wal hadi illa syirotikal mustaqiim, wa allaa allihi haqqo qodrihi wamikdaarihil adziim.

Semoga Allah senantiasa membukakan semua pintu tentang kebaikan. Mencucurkan kasih sayang-Nya. Menyelimuti kita dari segala marabahaya. Dalam kesempatan, setiap helaan nafas penuh harap ditaburi keberkahan-Nya, dipayungi ridho-Nya di bulan nan suci mulia, bulan yang ditunggu-tunggu, bulan yang lebih baik dari seribu bulan, yakni Bulan Ramadhan yang merupakan momentum peningkatan kebaikan bagi
orang-orang yang bertaqwa dan ladang amal bagi orang-orang
shaleh, yang memanfaatkan kesempatan sekecil apapun itu bernafas, terus menerus memperbaiki diri setiap harinya. Menjadi pribadi yang tak ingin menyia-nyiakan waktu sedetikpun untuk mencapai surga-Mu.
Bulan Ramadhan dibagi tiga fase: 1) Fase
pertama, sepuluh hari awal Ramadhan sebagai fase rahmat, 2) Fase kedua sepuluh di tengahnya sebagai fase maghfirah dan 3)  Fase ketiga sepuluh akhirnya sebagai fase pembebasan dari api neraka. Sebagaimana diriwayatkan oleh sahabat
Salman Al Farisi: "Adalah bulan Ramadhan, awalnya rahmat,
pertengahannya maghfirah dan akhirnya pembebasan dari api neraka.”
Dari ummul mukminin, Aisyah r.a  menceritakan tentang kondisi Nabi
Muhammad SAW, ketika memasuki sepuluh hari terakhir Ramadhan:
"Beliau jika memasuki sepuluh hari terkahir Ramadhan, mengencangkan
ikat pinggang, menghidupkan malamnya dan membangunkan keluarganya."

Karena sepuluh terkahir merupakan penutupan bulan Ramadhan, sedangkan amal perbuatan itu tergantung pada
penutupannnya atau akhirnya. Rasulullah saw. berdo’a:
“Ya Allah, jadikan sebaik-baik umurku adalah penghujungnya. Dan jadikan sebaik-baik amalku adalah pamungkasnya. Dan jadikan sebaik-baik hari-hariku adalah hari di mana saya berjumpa dengan-Mu Kelak."

Selasa, 08 Juli 2014

Menunggu waktu kuliah.

Siapapun itu, mereka temanku. Kamu, kamu, iya kamu juga, dia, dia, dan dia juga.

Tak harus menerima apa adanya.

Orang yang kita sukai suatu saat akan meninggalkan kita demi orang yang dia sayangi, orang yang kita sayangi pun suatu saat akan pergi untuk orang yang dia cintai. Namun jangan salah, dari suka bisa timbul sayang yang menciptakan kenyamanan hingga tumbuhlah cinta. Maka, selalu lah kita jaga mahligai cinta, siramlah agar ia tumbuh subur dalam hati ini jangan pernah sedikitpun kita nodai jagalah dari hama-hama pengganggu dan perusak. Jangan lengah!
Kita tak harus melulu menerima dia orang yang kita cinta apa adanya, tidak. Jika ada yang kita tak sukai dari sikap dia yang negatif apa kita harus menerimanya dengan apa adanya dia? Kita boleh merubahnya sedikit menjadi lebih baik. Menjadi apa yang kita suka. Itu tak salah bagi saya, asalkan tetap dalam koridor agama, negara dan budaya.

Minggu, 06 Juli 2014

Orang ketiga itu...

Tatapan mu merasuk sukma ku,
oh.. betapa trgodanya aku, tapi sejenak buram hingga nyaris tak terlihat, gelap oleh sorot mata kepicikannya.
Senyum yang kau ukir untuk ku menjadikan indah hidup ini,
oh.. aku terpesona, tapi sejenak hancur berantakan hingga berkeping-keping oleh cibirannya.
Suara indah mu sayup-sayup masih terngiang ditelingaku mengalunkan nada indah, tenang
oh.. aku terbius aku terbuai aku inginkan kamu, tapi sejenak ocehannya membuat semua ini bising tak berirama tak bernada tak bernyawa dan tak ingin ku dengarkan omongan busuknya itu
Tuhan, aku yakin akan rencana indah-Mu itu, tak ada wanita yang lebih indah dan sempurna selain Bidadari Surga-Mu, ingatkan aku akan hal itu dan sadarkan dia akan semua ini, aku coba tuk bersandar dengan tenang. 

Apapun itu, sakit dan bahagia hanya untuk dikenang.

bersama..
berdua saling manja..
kebersamaan yang entah akan terulang kembali atau tidak, ditemani 3 mentari dan 2 rembulan dengan alunan sayup-sayup kata cinta berbaur dengan tetesan embun yang hidupkankan nirwana..
sekali lagi ku tulis, " entah karena hembusan angin malam yang mengalunkan melodi indah teriring dirimu yang menghampiri ku, atau mungkin karena rembulan yang sinarnya semakin redup dan menjauh hingga enyah dari pelupuk mata.."
tak ada yang sia-sia di dunia ini...
setiap air mataku yang menetes karnamu telah kau hapus dengan belaian lembut mu, tatapan mu mengisi pandanganku yang kian hampa, aku terbangun, aku beranjak dari jurang kenistaan..
semua bisa menerimaku berada di sudut hidup mu, tapi entah dengan dirinya, aku bahagia, aku bahagia, ya... aku bahagia walaupun pada akhirnya hanya untuk dikenang.

pembawa kabar baik

Airmata ini menetes dalam kesendirian, tapi senyuman pun terukir dalam kesepiannya.
Tak dapat ku bedakan antara bahagia dan terluka, entah apalah yang ku rasakan?
Bahagia ku dengan ini dibalik terlukanya aku karena itu, semua alur telah bergaris pasti setiap cerita akan berakhir patri.
Memang, memang sulit tuk membuka pintu hati yang nyaris lapuk termakan kegalauan masa.
Saat itu, ketika semua rasa berlalu lalang tanpa rambu, satu peluit memperingatkan ku membangunkan ku lantas menyebrangkan ku pada lajur yang lebih baik, menyelamatkan dan memberikan kenyamanan.
Dia mengetuk pintu yang kasat oleh sesuatu, dangan gemetarnya gulana ku coba membuka meski tetap dalam diamnya.
Namun kini seolah ingin ku berteriak dalam bisuku, ingin ku meraba walau sempat ku mati rasa, ingin ku menatap meski jarak pandang buram.
Aku gapai dalam hati yang sejujurnya masih terkulai.
Ingin aku bisikan aku cinta kamu dalam bisingnya kehidupan. 

Suatu kenyataan.

Tak perlu ku tunggu mentari keluar dari ufuk timur karena ia akan muncul dengan sendirinya. Hukum alam yang menceritakan semua diciptakan dengan aturannya masing-masing, sudah memiliki tempatnya masing-masing dengan kadar yang tak kurang dan tak lebih. Tak bisa ku tahan hujan yang turun membasahi tanah tandus. Tak bisa ku taburkan bintang-bintang untuk menghiasi langit kelam. Begitu pun hati tak bisa dibuka suka duka tak bisa diterka, tak perlu mnunggu mentari terbit tak usah menahan hujan turun tak juga harus memaksakan diri menghiasi langit dengan bintang-bintang, jangan ditunggu jangan dicari tapi dinikmati, setiap detiknya setiap titiknya. Sungguh semua warna dalam pelangi bila diputar yang tersirat adalah putih, kembali pada hati yang suci dengan keikhlasannya. bagaimanapun masa lalunya, bisalah ia kembali ke jalan-Nya, mungkinlah ia membersihkan hatinya meski tak seputih awan cerah.

Malaikat pun meng-amin-kan do'anya

Di bawah sinar lampu 5 watt dengan rabunnya, redup, redduuuupp sekali.
"Meskipun sinar redup yang menyinariku seredup ini, namun aku berharap, masa depanku tak sesuram sinar ini. Andaikan ayah masih ada...."
Miris sekali gadis kecil itu bergumam sambil meneteskn airmata
Malaikat yang menyaksikan adegan ini langsung mengangkat kedua tanganny seraya mendo'akan gadis kecil seorang yatim ini
"Tapi aku akan berusaha untuk membahagiakan ibu dan semua yang menyayangiku dengan keikhlasannya, trutama kakak-kakak ku.."
Dengan tulus malaikat mengaminkan do'a nya.
June 3, 2011 at 6:32pm

Membuka kembali akun facebook yang dulu, yang sudah nyaris tak pernah saya buka. Flashback, tentang apa yang sudah terjadi beberapa tahun silam. teringat kembali akan perjuangan kakak laki-lakiku, dengan segala impiannya yang ingin meneruskan kuliah, saya yakin dia ingin melanjutkan ke jenjang yang lebih tinggi namun, ia mempunyai tanggung jawab lain yakni adiknya ini yang harus menginjak bangku SMA. Menafkahi, mengayom, menyayangi dengan tulusnya. Tak ada kakak yang lebih baik di dunia ini selainnya. Semoga keberkahan senantiasa tercurah, senantiasa menaunginya.

Sabtu, 05 Juli 2014

Catatan kecil

Hati ini telah lelah mengejar cinta yang terus berlari, jiwaku tak sanggup terus menerus kau sakiti, air mata sudah mengering untuk selamanya setelah luka dihatiku yang terus menerus kau torehkan.
Kini aku hanya dapat menyimpan cinta ini di dalam kotak yang akan ku kubur dalam-dalam, pada relung hatiku.
Cintaku akan aman di dalam sana, sambil menunggu dirimu menemukannya dan menggalinya lagi.
Mungkin tidak akan ada yang dapat menemukan cintaku, selain dirimu, karena hanya kamu yang mengetahui rahasia menuju kesana.

Sebuah catatan pada tanggal 2 Januari 2011, kegalauan masa remaja jaman SMA. Mungkin itu cinta monyet yang tak beralasan, nyatanya kini bahagia itu datang meski bukan dari "kamu" yang ditujukan pada catatan tsb.